Menu Melayang

Wednesday, September 11, 2024

Nganggit Pangarti

 




Nganggit Pangarti

Kang Yoga


Urang kudu satia

Ngulik élmu ngolah daya

Nganggit pangarti

Miara akan budaya


Sabab élmu cahaya pikeun jiwa

Sumangat ngagedur dina jero dada

Disiplin dina raga ngagalura

Sangkan hirup wiwaha


Tong poho haté kudu gumbira

Nyanghareupan waktu bari cumarita

Tekad ngahontal udagan

Sagala kahayang bakal laksana


Ayeuna geus mangsana

Medar léngkah ku bismilah

Ngadunga Ka Nu Kawasa

Mugia tinekanan nu diseja



Purwakarta, 12/09/2024

Tatar K.K.Singawinata

Blog Post

Related Post

Back to Top

Cari Artikel

Label