Menu Melayang

Monday, September 9, 2024

Guguritan

 


Guguritan

Ku: A.Yogaswara



Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta gurit anu hartina nyusun  karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangding. Dina masa saacan perang murid-murid di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajrkeun nembang jeung  nulis guguritan, nu matak maranehanana terampil lain ngan ukur nyanyikeun sesuai jeung lagu pupuh, tapi bisa ogé nyusun guguritan ku sorangan. Katerampilan nyieun guguritan dianggap salaku kahéngkéran hiji jalma komo lamun manehna pinter nembangkeunana ogé.Sabab dina masa sanggeus perang disakola-sakola Dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara inténsif,ku kituna guguritan leungit popularitasna, kecuali dikalangan ahli mamaos tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya.

 

Guguritan  nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan. Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan jeung wawacan. Sanajan guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita, tapi henteu saeutik guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan

 

Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku Patokan anu tangtu, nya eta Patoka pupuh.Sawatara urang ahli netelakeun watesan ngeunaan guguritan. Yus Rusyana (1992:94) nyebutkeun yen guguritan nyaeta karangan pondok anu disusun make patokan pupuh. 

       Iskandarwassid dina Kamus Istilah sastra (1992:46) nyebutkeun yen guguritan teh nya eta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Nurutkeun wangunanana, gugurutan kaasup wangun ugeran, nya eta kauger ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratip). Dibacana biasana mah dihariringkeun make lalaguan anu geus matok keur pupuh eta. Atawa ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran. Dumasar kana hasil panalungtikan Yus Rusyana jeung Ami Raksanagara (1980) pupuh anu pangmindengna digunakeun dina guguritan teh nya eta (nungturun) asmarandana, dangdanggula, kinanti, jeung sinom. Hal ieu bias jadi aya patalina jeung kabeungharan variasi lagu keur pupuh eta, atawa jeung sipat lalaguanana. Guguritan teh geus lila gelarna dina sastra Sunda. Ti abad ka-19 geus loba anu nganggit guguritan. Taun 1822-1866 R. Haji Muhammad Musa nanggit Wulang Krama; taun 1865 .R.A. Bratadiwijaya nagnggit Asmarandana Lahir Batin; taun 1892 Haji Hasan Mustapa nganggit welasan rebu pada guguritan, upamana wae Kinanti Ngahurun Balung, Asmarandana Babalik Pikir, Sinom Pamulang Tarima, Dangdanggula Pamolah Rasa, jeung sajabana.

·               Bedana guguritan jeung jeung wawacan

Jadi umumna mah bédana guguritan jeung wawacan téh sok dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti gumantung kana kahayang nu nganggitna téh.[1] Nu panjang mahi sabukueun disebut wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok disebut guguritan sanajan ngalalakon

 

·          Pada dinu guguritan

Guguritan biasan ngan ukur tina sababaraha pada, sanajan Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin, rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna

 

 

Pupuh dina guguritan.

·         Asmarandana

·         Balakbak

·         Dangdanggula

·         Jurudemung

·         Durma

·         Gambuh

·         Gurisa

·         kinanti

·         Ladrang

·         Lambang

·         Maskumambang

·         Mijil

·         Pangkur

·         Pucung

·         Magatru

·         Sinom

·         Wirangrong

 

Watek watek Guguritan

·         Asmarandana

Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

·         Dangdanggula

Watekna bungah atawa agung.Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.

·         Jurudemung

Watekna kaduhung atawa hanjakal. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.

·         Durma

Watekna heuras atawa siap rek tarung.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

·         Gurisa

Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.Unggal pada di wangun ku dalapan padalisan.

·         Kinanti

Watekna mihareup atwa prihatin.Unggal pada diwangun ku genep padalisan.

·         Ladrang

Watekna banyol pikaseurien.Unggal pada diwangun ku opat padalisan.

·         Lambang

Watekna banyol atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun iu opat padalisan.

·         Magatru

Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.

·         Maskumambang

Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.Unggal pada diwangun kiu opat padalisan.

·         Mijil

Watekna sedih, susah atawa cilaka. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.

·         Pangkur

Watekna nafsu, lulmampah ata sadia rek perang.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

·         Pucung

Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.Unggal pada diwangun ku opat padalisan.

·         Sinom

Watekna gumbira. Unggal pada diwangun ku salapan padalisan

·         Wirangrong

Watekna era atawa wiring.Unggal pada diwangun ku genep padalisan.

 

Pupuh dibagi  dua bagian:

1. Sekar ageung

2. Sekara alit

 

Sekar ageung nyaéta:

1. Kinanti

2. Sinom

3. Asmarandana

4. Dangdanggula



Diolah dari berbagai sumber


Autumnitan

Ku: A. Yogaswara

 

 

Kecap gurit origin tina basa Sangsekerta gurit anu hartina composing an essay, in Sundanese basa there is the term ngagurit orawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka or composing an essay winangun dangding. During the war, the students at the Number II Primary School at the Teacher School (Normaalschool) were taught to sing and write the song, the maranehanana was activated in a different way by measuring the singing according to the pupuh song, but you could also compose the song for yourself. The skill of singing agumitan is considered one of the skills of hiji jalma komo lamun manehna clever nembangkeunana ogé. During the time of the Sanggeus war in Dangding jeung's sakola-sakola Dangding jeung how to nembang teu was taught intensively, I kituna agumitan increased its popularity, except among mamaos experts but éta ogé ngan measuring my skill ngapalkeun fallitan nu geus aya.

 

AUTUTAN NYAéta ungkara Anu Winangun Dangding's literature or Pupuh Anu Sakapeung ogé pretending to be called Wawacan. Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun ajuitan jeung wawacan. Sanajan Anu Panjang is usually used to call Dangding Anu Henteu Panjang Tour, usually drawing a feeling of lyrics and writing or mangrupa advice, sedengkeun Ari Wawacan is usually mangrupa Carita, but Henteu Saeutik Anu Panjangna Leuwih Ti Wawacan

 

Blog Post

Related Post

Back to Top

Cari Artikel

Label